Materi Bahasa Sunda


  
ilmucimahi404.blogspot.com



KATA PANGANTEUR

Anu keur disanghareupan ku hidep téh buku Pamekar Diajar
Basa Sunda. Ieu buku diajangkeun pikeun sakumna murid di Jawa
Barat, jadi buku babon pikeun pangajaran basa Sunda. Kabéhna téh
aya 12 buku, hasil gawé tim panyusun anu meunang pancén ti Dinas
Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Jilid I tepi ka VI pikeun murid SD/
MI, jilid VII tepi ka IX pikeun murid SMP/MTs, jeung jilid X tepi ka
XII pikeun murid SMA/SMK/MA/MAK.
Medalna ieu buku téh pikeun méré lahan ka sakumna murid
anu dialajar basa Sunda, kalawan harepan hidep sakabéh enya-enya
ngamangpaatkeun. Ku diajar basa Sunda tina ieu buku, dipiharep
kanyaho jeung kabisa hidep dina ngagunakeun basa Sunda bisa
ningkat jeung nambahan. Lian ti éta, hidep jadi leuwih resep
ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Éta mah naha di
sakola, di lingkungan kulawarga, atawa di tempat ulin.
Meureun ti antara hidep aya nu tumanya, naha maké kudu
diajar basa Sunda sagala? Naha naon gunana atuh? Jih, pangna
diajarkeun di sakola ogé éta téh ku sabab loba mangpaatna dina
kahirupan sapopoé. Anu paling karasa upamana waé urang bakal
bisa komunikasi ku basa Sunda kalawan hadé tur merenah. Loba
kauntunganana lamun urang bisa ngagunakeun basa Sunda
téh, di antarana waé urang bakal nyaho jeung bisa neuleuman
kabeungharan budaya Sunda. Apan budaya Sunda téh jadi bagian
penting tina budaya nasional Indonésia. Salian ti éta, apan hidep
di sakola diwajibkeun diajar basa Sunda. Meureun hidep tumanya
deui, naha ari diajar basa Sunda téh babari? Jih, nya babari atuh.
Jaba deuih resep.
Bieu gé geus disebutkeun, teu hésé diajar basa Sunda téh, komo deui
pikeun urang Sundana sorangan mah. Dalah najan lain keur urang Sunda
ogé sarua waé teu hésé. Ku kituna, hidep teu kudu ngarasa seunggah. Ulah
tacan gé nanaon geus nyebut horéam. Anu penting mah urangna sing enyaenya,
boh enya-enya ngabandungan pedaran ti Ibu/Bapa Guru, boh enyaenya
dina ngapalkeun jeung migawé latihanana. Lian ti éta, kacida hadéna
mun hidep getol maca buku-buku basa Sunda lianna, maca surat kabar jeung
majalah anu ngagunakeun basa Sunda, atawa ngabandungan siaran radio
jeung televisi dina program basa Sunda. Hal séjénna anu bisa dipigawé ku
hidep nyaéta lalajo pagelaran kasenian Sunda.
Cindekna mah, sakali deui rék ditandeskeun, entong ngarasa sieun
atawa horéam dina nyanghareupan pangajaran basa Sunda téh. Kapan
heueuh babari, jeung matak resep deuih.
Geura ayeuna urang mimitian. Bismillah ....



DAFTAR ISI
PANGAJARAN 1:BIANTARA
PANGAJARAN 2:PAGUNEMAN
PANGAJARAN 3:BIOGRAFI
PANGAJARAN 4:DONGENG


PANGAJARAN 1
BIANTARA

Materi : Biantara/ Pidato
Biantara : Proses komunikasi antara nu nyarita jeung nu ngaregepkeun ngupingkeun dihareupeun jelema rea, nu maksudna pikeun nepikeun informasi
Metode Bintara :
1. Metode impromtu/ serta merta : metode biantara nu masar nu ngadadak teu tatanar heula ngan ngndelkeun pangaweruk jeung ka maheran nu kacangking ku dirina.
2. Metode apalan : metode nu dirancang heula ti anggana kalayan ditulis lengkep tur di apalkeun
3. Metode naskah : metode biantara nu sering di gunakeun dina acara- acara resmi biasa na geus di siapkeun naskahna kari macakeun wungkul
4. Metode konsep/ ektenporan : metode biantara nu teu ngagunakeun naskah biasa na nyusun garis badagna nu rek di tepikeun

Struktur / Sistematika Naskah Biantara :
1. Bubuka : salam bubuka, muqadimah, ucapan panghormat kanu hadir
2 Eusi : nerangkeun inti pasoalan ka audien/ pamirsa, kacindekan
3. Panutup : sanduk- sanduk, nepikeun du'a, salam panutup

Sarat nyieun naskah biantara
1. Tatag nyarita
2. Aktual temana
3. Mundel eusina
4. Alus basana
5. Ngagunakeun wirahma
Conto biantara singkat :
Assalamualaikum Wr. Wb.,
Wilujeng enjing sadayana, bapa sareng ibu guru anu ku simkuring dipikahormat, sareng rerencangan sadayana anu ku simkuring dipikacinta. Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT, anu parantos marengkeun urang sadayana dugi ka tiasa patepang dina ieu acara. Alhamdulilah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.
Pala wargi anu ku simkuring dipikahormat, dina ieu waktos simkuring bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atanapi wajib ngajagi lingkungan sareng awak nyalira sangkan ditebihkeun tina sagala rupi panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan salira atanapi ibak, maresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto anu disebat hirup anu sehat. Conto anu sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah dimana wae, batuk atanapi bersin kedah nutupan baham.
Saupami sadidinten urang ngajagi kabersihan, awak urang bakal bersih atanapi suci tina sagala rupi kokotor. Beresih teh hartosna beresih sucina urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kaberesihan supados manah urang oge suci sareng beresih.
Pala hadirin sadayana, rupina dicekapkeun sakitu anu kapihatur, kirang langkungna mugi tiasa dihampunten.
Wassalamualaikum Wr. Wb.

PANGAJARAN 2
PAGUNEMAN

Paguneman nyaeta dialog atawa nyarita dua arah, silih tempas, antara dua urang atawa leuwih, sarta ngagunakeun kalimah langsung. Dina paguneman aya sawatara unsur anu perlu diperhatikeun sangkan paguneman lumangsung saluyu jeung anu dipiharep sarta eusina kaharti.
Unsur-unsur anu perlu diperhatikeun dina paguneman nyaeta saperti unsur bentesna sora atawa lafal dina waktu guneman, luhur handapna sora, pilihan kekecapan anu merenah anu dina basa Sunda mah nyaeta anu saluyu jeung katangtuan nu aya dina Tatakrama Basa Sunda, sarta penjiwaan dina waktu nyarita.
            Ciri-ciri paguneman nyaeta obrolan dua arah, anu silih tempas, dua urang atawa leuwih, diwangun ku kalimah langsung. Aturan atawa unsur dina paguneman anu perlu diperhatikeun, nyaeta bentesna sora, luhur handapna sora atawa lentong, pilihan kecap anu merenah disaluyukeun jeung lawan nu nyarita, sarta penjiwaan waktu nyarita pikeun mastikeun yen pesen nu aya bisa nepi kalayan saluyu jeung nu dipikaharep.
           Tujuan paguneman nyaeta pikeun mintonkeun atawa ngagambarkeun hiji obrolan atawa cacaritaan, boh obrolan resmi atawa obrolan teu resmi. Ku ayana paguneman, bisa dipintonkeun suasana atawa kaayaan dina hiji obrolan, dina wangun kalimah langsung. Aturan-aturan atawa unsur-unsur nu aya dina paguneman bisa ngabantu pikeun mastikeun yen paguneman nu disusun bisa ngagambarkeun maksud nu nyusun eta paguneman.
Contoh paguneman :
Ani nampi telepon ti nomor nu teu dipikawanoh. Wanci èta Ani nu nuju nyapu buruan, eureun heula.
Ani : Assalamualaikum
X : Waalaikum salam, leures ieu sareng Tèh Ani?
Ani : Muhun, ari ieu saha? Bade aya periogi naon?
X : Ih, Ètèh. Ieu Ita, piraku hilap deui?
Ani : Oh Ita, punten nomerna hilap teu disimpen. Aya naon Ita?
X : Saur Mama pang dugikeun ka Ibi, di bumi aya selametan.
Ani : Selametan naon?
X : Kapan si Bayu nembè disepitan.
Ani : Hor, naha teu hawartos seteuacanna. Mun kitu mah pan Tèh Ani tiasa ngabantosan.
X : Ah, da teu aya acara nanaon. Mung selametan wungkul.
Ani : Oh, muhun engkin didugikeun.
X : hatur nuhunnya Tèh. Assalamualaikum
Ani : Waalaikumsalam.





PANGAJARAN 3
BIOGRAFI

Biografi mangrupa hiji buku anu nyaritakeun kajadian-kajadian hirup hiji jalma. Liwat biografi kasebat tiasa kapanggih hubungan,katerangan hartos ti hiji tindakan nu tangtu atawa hiji misteri anu melingkupi hirup hiji jalma,sarta oge mangrupa hiji wawaran ngeunaan tindakan atawa laku-lampah dina hirupna.
Biografi tiasa nyaritakeun ngeunaan kahirupan saurang inohong peryogi atawa kakoncara atawa henteu kakoncara. Biografi remen oge nyaritakeun ngeunaan inohong sajarah,nanging tak carang oge ngeunaan jalmi anu hirup keneh. Seueur biografi ayeuna ieu anu ditulis sacara kronologis.  Biografi merlukeun bahan-bahan utami sarta bahan bobotoh. Bahan utami tiasa mangrupi barang-barang,contona buku poean,serat-serat,kliping koran,sarta sajabana. Bahan bobotoh biasana mangrupi biografi sanes,buku referensi,sajarah anu ngagusar lalakon jalmi dina biografi kasebat sarta sajabana. Biografi nyaeta hiji carita atawa katerangan ti lalampahan kahirupan hiji jalma anu bersumber dina jejer rekaan atawa carita tela.
Katut tawis-tawis biografi :
1.Biografi ngabogaan struktur anu diwangun luhur : orientasi,kajadian atawa masalah,sarta reorientasi.
2.Biografi memuat dumasar informasi fakta sarta disajikeun dina wangun narasi.
3.Faktualnya (fakta) dumasar pangalaman hirup hiji jalma anu dicarioskeun dina inohong biografi kasebat.

4 perkawis anu kedah di cermati dina teks biografi,yaktos :
1.Judul biografi
2.Perkawis anu metot sarta mengesankeun anu dipidangkeun dina kahirupan inohong anu dicarioskeun
3.Perkawis anu matak helok sarta matak kagagas anu wedal dina kahirupan inohong anu dicarioskeun
4.Perkawis anu tiasa di conto atawa diteladani ti kahirupan inohong.

Struktur Teks Biografi
Katut struktur teks biografi anu diwangun ti orientasi,kajadian sarta masalah,reorientasi.
1.Orientasi
Orientasi mangrupa haturan di mana ngeceskeun ngeunaan ngawanohan inohong,eusina gambaran mimiti ngeunaan inohong anu dicarioskeun dina biografi kasebat.

2.Kajadian sarta Masalah
Haturan kajadian atawa kajadian mangrupa haturan anu eusina ngeunaan hiji kajadian atawa kajadian anu kantos dialaman,kaasup didalamnya memuat ngeunaan masalah anu kantos disanghareupan na dina ngahontal tujuan sarta cipta-cipta na. Perkawis-perkawis anu metot,matak helok,mengesankeun,sarta matak kagagas anu kantos dialaman inohong oge diuraikeun dina haturan ieu.

3.Reorientasi
Reorientasi mangrupa haturan panutup. Haturan ieu eusina ngeunaan tetempoan nu nulis ka inohong anu dicarioskeun kasebat. Reorientasi boga sipat opsional,anu hartina dina haturan ieu kenging aya atawa henteu.



PANGAJARAN 4
DONGENG

 Dongeng nyaeta carita anu pondok, sarta eusina/sabagian eusina ngandung perkawis perkawis nu teu asup uteuk (pamohalan). Dongeng teh kaasup carita klasik tradisional. Iraha mimiti ayana, teu kapaluruh. Na kitu deui saha anu ngarangna teu puguh (anonim). Ari nyebarna tatalepa sacara lisan. Bareto mah ngadongeng atawa mangdongengkeun teh janten talari urang sunda.


 CIRI CIRI DONGENG:

1. ngagunakeun alur nu basajan
2. carita na singket jeung unggut gancang
3. sipat inohong teu diuraikeun sacara rinci
4. di tulis siga pancaritaan sacara lisan
5. aya talatah dina caritana
6. carita nu diangkat teh teu asup uteuk

RUPI DONGENG TINA BASA SUNDA

1. Parabel: dongeng anu eusina nyaritakeun kahirupan jalma dawam.
2. Fabel: Dongeng sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae tiasa nyarios jeung ngagunakeun uteuk pikiran.
3. Legenda: Legenda sok disebut oge dongeng sasakala, nya eta dongeng anu nyaritakeun mimiti muasalna kajadian hiji tempat,barang,sasatoan,kabiasaan,atawa tutuwuhan
4. Sage: Dongeng anu nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah
5. Mite: Dongeng anu eusina raket patalina jeung keperacayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkawis perkawis anu sipat na gaib.
Contoh dongeng :
Sasatoan Gajah jeung Sireum
Jaman baheula aya sireum keur ngarak rajana, ngaliwat kana alur jajalaneun gajah. Keur rame ngarak, jol datang gajah. Sireum nu sakitu keur nakleukna teh, teu antaparah deui, leye-leye bae ditincakan, bongan cenah make ngaliud di jajalaneun.
Atuh lain ratus deui, tapi aya rebuna sireum anu paeh teh. Barang raja sireum ningal baladna rea nu paeh, kacida ambekna, tuluy susumbar, “Eh Sakadang Gajah, sato nu telenges, nu teu boga ras-rasan ka papada mahluk, rasakeun pamales ti kami.
Ulah adigung asa aing. Engke di Jumaah Kaliwon, urang perang tanding jeung kami!” Walon gajah bari seuri, “Rek ngajago Sakadang Sireum teh? Lamun enyaan, heg ku kami didagoan! Di mana hayang perang teh?”
“Tuh di ditu, di handapeun tangkal waru nu itu, nu condong ka jalan!” gancang, gajah nuluykeun deui lampahna. Ari raja sireum teu talangke deui, tuluy bae nabeuh tangara, ngumpulkeun kabeh baladna.
Teu sabaraha lila, balad sireum teh geus nakleuk di tegalan. Ceuk Raja sireum, “Eh balad kami kabeh! Di Jumaah Kaliwon kaula rek perang tnding jeung Sakadang Gajah, tuh handapeun tangkal waru nu itu! Ku sabab eta, kaula menta ka aranjeun sakabeh ulah sisingeun, kudu pada digarawe.
Sarerea kudu nyieun lombang sing gede pikeun piruang. Nya palebah waru nu itu kudu nyieun piruang teh. Prak geura digarawe ti ayeuna. Tapi kade jukutna mah ulah ruksak, kudu angger bae kawas ayeuna.
Dikorowot ti jero bae, taneuhna engke sesakeun, tuh kira sakandel papan beunang Sakadang Manusa, ka luhurna mah.” Balad sireum saur manuk, kabeh pada jangji rek pada suhud digarawe, sarta pada sanggup anggeus dina waktu tujuh poe.
Saomong balad sireun teu nyalahan, dina waktu tujuh poe piruang teh geus beres. Ti luhurna teu katara, teu jiga piruang meueus-meueus acan, kawantu buatan par ahli nerus bumi.
Barang nepi kana waktuna, kana poe Jumaah Kaliwon tea, subuh keneh Raja Sireum geus ngabedega sisi piruang beulah kulon, nyahareup ngetan. Saksi-saksi geus karumpul, nyaeta: Sakadang Peucang jeung Sakadang Monyet.
Wanci haneut moyan, jol Sakadang Gajah ti beulah wetan maju ka kulon, nyampeurkeun Raja Sireum. Jauh keneh oge Raja Sireum geus celuk-celuk nangtang ka Sakadang Gajah, “Gancang ka dieu Sakadang Gajah, ieu sihung kami geus seukeut meunang ngasah tujuh poe tujuh peuting, geus sadia bakal maehan sampean.
Lamun enya sampean sakti, gancang geura rontok kami!” Barang gajah ngadenge panangtang Raja Sireum kitu, jol suruwuk bae narajang. Tapi cilaka, teu kungsi nepi, da awakna kaburu tigebrus manten kana piruang, sukuna tipitek.
Sakadang Gajah adug-adugan meakeun tanaga hayang kaluar tina piruang, tapi weleh teu bisa. Tungtungna beak tanaga ngajoprak teu bisa walakaya. Ceuk raja Sireum ka balad-baladna, “pek ayeuna geura hanca ku aranjeun eta sato telenges teh!”
Balad sireum nu reana mangyuta-yuta, bareng narajang, napuk kana sakujur awak Sakadang Gajah. Gajah ripuh dicocoan ku sireum. “ampuuun…ampuuun!” Sakadang Gajah tulung-tulungan menta ampun.
Manehna taluk tarima eleh, jeung jangji moal deui-deui ngaganggu ka bangsa sireum. Ti dinya riwayatna, aya paribasa “Sireum oge ditincak-tincak teuing mah sok ngalawan”. Atuh lamun aya nu suten, jempol anu jadi perlambang gajah, eleh ku cinggir anu jadi perlambang sireum.


Baca Juga : Materi PKN 1 SMK




 

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel